Pakeman Basa
Pakeman basa téh nyaéta kekecapan, frasa, klausa,
atawa kalimah tina hiji basa anu geus matok jeung unik (pituin atawa asli) anu moal aya dina basa séjén. Dina linguistik (élmu basa) pakeman basa téh
nelah disebut idiom. Idiom téh nyaéta basa jeung dialek (rupa-rupa basa) anu pituin (khas/unik) cicirén ti hiji wewengkon, masarakat
katut kelompok masarakat, jeung bangsa.
Unsur Basa anu Khas dina Basa Sunda
Dina basa Sunda mah aya sawatara unsur basa anu pituin (khas) dina basa
Sunda, di antarana:
1. tata krama basa Sunda (undak-usuk basa Sunda) di
antarana:
a. lemes
·
lemes ka
sorangan (persona I/kecap sulur gaganti jalma kahiji) conto: neda, sirah,
wangsul, simkuring, jrrd.
·
lemes ka batur
(persona II/kecap sulur gaganti jalma kadua)conto: gamparan,
anjeun, tuang ibu, tuang rama, jrrd.
·
lemes ka batur
(persona III/kecap sulur gaganti jalma katilu) conto: ibu, rama, raka,
rayi, jrrd
b. loma (akrab)
c. kasar
2. kecap khas
tina kecap anteuran
Kecap anteuran téh
gunana pikeun panganteur kecap pagawéan jeung diteundeunana, sawatara contona
di antarana: am emam, belecet lumpat, kuniang hudang, koréjat hudang,
jut turun, gék diuk, jung nangtung,
jrrd..
3. kecap khas
tina kecap rajékan
Kecap rajékan nyaéta
kecap ulang (reduplikasi). Kecap rajékan
kabagi jadi opat, nyaéta:
a. dwilingga
Contona di antarana: imah-imah, barang-barang, méja-méja,
jrrd..
b. dwiréka
Contona di antarana: tulang-taléng, bulak-balik, luak-lieuk,
jrrd..
c. dwipurwa
Contona di antarana: babantu, bongbolong, seuseureud,
jrrd..
d. trilingga
Contona di antarana: blak-blék- blok, trang-tréng-trong, nang-ning-nung,
jrrd..
4. kecap khas
tina kecap panganteb
Kecap panganteb téh
gunana pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun. Ilaharna mah sok
diteundeun di tukangeun kecap atawa babagian kalimah, contona: atuh, téh, mah, téa, kétang, heug, seug, sok, kop, baé, waé, boh, jrrd.
Jeung
masih aya anu séjénna samodél tina frasa contona: sabar
darana, kembang buruan, héjo tihang, konéng carulang, poék
mongkléng, jrrd.. Ilaharna, idiom
anu ngarupa frasa mah nyaéta kaasup
kana babasan jeung paribasa.
Sedengken idiom anu ngarupa klausa
jeung kalimah mah ilaharna aya anu kaasup kana kapamalian, kila-kila, cacandran, jeung uga.
- Babasan jeung Paribasa
Babasan
jeung paribasa ngarupakeun salah sahiji karya para karuhun jeung bujangga Sunda
nu mibanda sistem ajén-inajén saluyu
tur teu laas ku mekarna jaman. Babasan jeung paribasa eusina ngandung rupa-rupa
maksad enggoning ngahontal kahirupan rahayu, adil, tur panyalindungan dina
nyorang robahna/mekarna budaya ti mangsa ka mangsa.
Babasan mah nyaéta ucapan anu geus matok (moal
bisa dirobah) jeung miboga harti injeuman atawa harti anu séjén anu lain
sabenerna (béda tina harti kamus). Sedengkeun paribasa mah nyaéta ucapan matok
saeutik patri anu mangrupa siloka lakuning hirup.
- Kapamalian
Kecap
pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang anu maksudna
teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna. Éta larangan
téh jadi aturan atawa norma nu kudu diéstokeun ku urang, salaku anggota
masarakat Sunda. Upama dilanggar, cenah bakal aya balukarna. Saliwat mah éta
alesan téh teu asup akal. Tapi, upama disawang tina kaarifan lokal nu sabenerna
mah miboga rasional ogé, lantaran aya patalina jeung étika.
- Kila-kila
Kila-kila
téh nyaéta totondén. Ari totondén téh nyaéta tanda-tanda alam kana naon-naon
anu bakal lumangsung. Kila-kila teu saukur aya di Tatar Sunda wungkul, namung
aya ogé di sakabéh tempat anu masih kénéh percaya kana kila-kila. Jaman ayeuna
mah, kila-kila téh geus teu pati dituturkeun sabab ku kamajuan jaman di
téhnologi jeung robahna pamikiran ka nu leuwih logis. Tapi, sok sanajan kitu,
masih aya sawatar masarakat anu percaya kénéh kana ayana kila-kila boh
kila-kila anu dumasar kana ajaran agama boh kila-kila anu dumasar kana
kabudayaan karuhun. Malah kiwari mah nelah aya istilah primbon atawa paririmbon (ramalan, itung-itungan poé hadé, jeung
totondén kajadian).
- Cacandran
Cacandran téh nyaéta caritaan karuhun nu
ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman nu bakal kasorang.
- Uga
Uga atawa
ramalan téh geus aya ti baheula mula. Uga lain ukur milik urang Sunda, tapi
sélér bangsa séjén ogé aya, ngan béda-béda istilahna. Kecap uga katelah hiji
omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh
nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun. Ngabuktina ramalan uga teu ukur bisa
ditingali ku mata lahir, tapi kudu dibarengan ku pikiran. Mun teu kaalaman ku
urang, tangtu jaga ku anak incu urang. Upama aya hiji kajadian anu mirip jeung nu
disebutkeun dina uga, sok diaromongkeun “geus tepi kana ugana” atawa “samorong
ceuk uga”.
Komentar
Posting Komentar